Jumat, 15 November 2013

Landong Bete Bahasa Sunda




Dina hiji peuting, mang udin geus meuli kulub suuk ti jalan, ngalaksanakeun kahayang pamajikana, ceu Eha. Ari pas erek balik di jalan poek mompolong, keueung euweuh angkot jeung ojeg. Maklum di perkampungan.
Jadi manehna nateh mapah we, da euweuh angkot jeung ojeg tea. Bari muringkak bulu punuk mang udin sieuneun. Di jalan teh euweuh sasaha, loba tatangkalan.
Pas harita keneh bari leumpang aya anu sada
“ngekk.. ngek.. ngek..” sadana sabari keukeureuseukan.
Si udin reuwas bari nanya-nanya ka diri soranganna yen naon eta nu sada teh.
Prak weh leumpang deui, pek teh aya nu sada deui
“ngek..ngek..ngek”
Manehna nambah sieun, keur euwueh jelema teh aya anu sada wae. Langsung  weh si udin leumpang rada gancangan, meh gera nepi ka imah. Ari pek teh, beuki gancang mang udin lempang beuki narikan oge eta anu sada teh.
“ngek..ngek..ngek..ngek”
Mang udin nambah sieun, bet weh lumpat ngabeucir. Kulub suukna maruragan di jalan, jeung deuih sada eta teh nambah ngagancangan jeung tarik.
“ngek..ngek..ngek..ngek..ngek”
Nepi ka imah, mang udin gugurusukan bari ngadaregdeg macaan istigfar.
“aya naon kang udin? Ngadaregdeg kitu?” ceuk ceu Eha bari sosorongot
“aya jurig”
“dimana jurig? Mana kulub suuk teh? Eta mah ning ngan keresek na wungkul?!”
“ieuh, tadi teh kulub suukna maluragan di jalan. Kuring teh ngabecir lumpat aya anu sada nunuturkeun wae, teuing naon atuh”
“ah, ari kang udin! Tuh eta korong dina irung jadi sada! Sok lain ieu mah”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar