Jumat, 15 November 2013

Karangan Essay Sunda (Salah sahiji tugas Basa Sunda 2010 | MAN Cianjur | XII-Ipa4



Karangan Esay


KORUPSI
                Di jaman kiwari loba anu korupsi, beh dina widang usaha atawa politik. Loba pamimpin rahayat anu korupsi kana duit nagara, jeung loba anu diamanatan duit rahayat teh amalah di korupsi dibawa kabur. Teu tanggung jawab kana amanahna. Korupsi teh lain ayena wungkul, tapi ti baheula ge geus aya. Lain pamimpin rahayat wungkul nu sok korupsi, tapi para usahawan dina lahan perdaganganana loba anu korupsi.
                Duit atawa barang anu dipaokan atawa dikurangan saetik, rek loba rek saetik tetep eta korupsi. Contona tukang dagang anu ngaberatan kiloan eta namina korupsi. Kumaha cara ngabarantasna? Nyaeta ku cara urang dibiasakeun jujur tina hal-hal anu leutik, meh kapayunna teu aya anu korupsi. Para korupsi di hukum nepika kapok kana kalakuana, meh teu aya anu ngalakukeun deui kalakuan goreng nyaeta korupsi. Coba lamun teu karorupsi pamimpin rahayat teh, meureun kahirupan rahayat teh makmur, sejahtera. Teu aya anu namina korupsi. Jeung teu katelah nagara korupsi. Kedah adil, kusabab adil ngadeketkeun kana takwa ka Allah.

PARE
                Geus kawentar nagara urang mah ti baheula oge kaasup daerah agraris. Pakasaban warga anu sapopoena ngendelkeun tina hasil bumi, sabangsaning pare, palawija, sayur-sayuran, buah-buahan, jeung sajabana ti eta. Tatar Jawa Barat ge kaasup daerah nu wargana ngandelkeun hasil bumi. Di nagara urang mah kadaharan anu pokona nyaeta beas anu tina pare tea. Lamun teu aya beas teu kabayang rek timana urang dahar, sedengken kadaharan pokona ge beas. Jalma Indonesia mah lamun teu acan nuang sangu moal wareg. Jadi, tatanen di tiap wilayah Indonesia teh kedah di ronjat, lahan-lahan tong dijadikeun pabrik sakahayangna. Kedah nyaho yen lahan pasawahan teh penting kangge kahirupan urang, kusabab beas jadi kadaharan poko masarakat di nagara urang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar